Langsung ke konten utama

Sunda: Guguritan





Naon nu dimaksad guguritan?

Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta grath anu hartina nyusun karangan. Dina basa Sunda, aya istilah ngagurit atawa ngadangding nu hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing. Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda.

Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku Patokan anu tangtu, nya eta Patoka pupuh. Guguritan nya eta karangan pondok anu disusun make patokan pupuh (Rusyana, 1992:94). Dina Kamus Istilah sastra (1992:46), guguritan nyaeta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang.

Guguritan Nurutkeun wangunanana, gugurutan kaasup wangun ugeran, nya eta kauger ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratip). Dibacana biasana mah dihariringkeun make lalaguan anu geus matok keur pupuh eta. Atawa ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran. Dumasar kana hasil panalungtikan Yus Rusyana jeung Ami Raksanagara (1980) pupuh anu pangmindengna digunakeun dina guguritan teh nya eta (nungturun) asmarandana, dangdanggula, kinanti, jeung sinom. Hal ieu bias jadi aya patalina jeung kabeungharan variasi lagu keur pupuh eta, atawa jeung sipat lalaguanana.

Istilah dina Guguritan

  1. Pada 
  2. Padalisan 
  3. Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan ) 
  4. Guru Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)

Eusi sareng Unsur Guguritan

Eusi

  1. Piwulang, upamana wae, Wulang Krama, Wulang Murid, Wulang Guru karangan R. Haji Muhamad MusaAsmarandana Lahir Batin karangan R.A. Bratawijaya: 
  2. Pangalaman kabatinan, contona guguritan karangan Haji Hasan Mustapa 
  3. Kawaasan alam, contona Dangdanggula Laut Kidul karangan Kalipan Apo, 
  4. Kajadian, contona Kiamat Leutik karangan Tubagus Jayadilaga, jeung 
  5. Surat, biantara, jeung buka pintu. Guguritan anu eusina surat jeung biantara, upamana anu dikumpulkeun ku R. Danureja dina buku Serat-sinerat Jaman Jumenengna Raden Haji Muhammad Musa(1929).
(Rusyana, 1992:95) 

Unsur

Unsur Guguritan tema, rasa, nada, jeung amanat; sarta unsur anu aya patalina jeung struktur luar, nya eta pilihan: pilihan kecap, imajinasi, lambing, majas, wirahma jeung pedotan, purwakanti, guru lagu, jeung guru wilangan.

Conto Guguritan


  1. Asmarandana Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan. 
  2. Balakbak Watekna pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
  3. Dangdanggula Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.

Laut Kidul (Dadang Sulaeman) 

Sumiriwing angin ngahariring (10-i)
rarandegan Radén pangapungna (10-a)
ngadongdon nu kapiomong (8-o)
nalutur nu kacatur (7-u)
ngilik-ngilik geusan keur ngancik (9-i)
anggang mo burung datang (7a)
jauh wandé cunduk (6-u)
témbong daun kalapana (7-a)
tingarulang oyag katebak ku angin (12-i)
dayeuh di Pajajaran (7-a)

Bedana Wawacan sareng Guguritan


Bedana guguritan jeung wawacan nya eta; guguritan mah umumna eusina mangrupa karangan anu pondok. Wawacan mah mangrupa karangan panjang.
(M.A Salmun (1963:54) Wawacan mah diwangun ku sababaraha pupuh, sarta reana warna pupuh gumantung kana panjang-pondokna carita atawa kandel- ipisna buku.

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Guguritan

Bismilaah. Hai kawan! Kali ini saya akan berbagi tentang Guguritan. Guguritan teh nyaeta wangun ugeran nu sok ditembangkeun. Ugeran di dieu nyaeta ugeran pupuh. Mangga dilajengkeun maca-na kana slaid. :)

Soal dan Pembahasan Biologi tentang Metabolisme Sel (XII SMA)

               2014           SOAL BIOLOGI SeT 1 1.         Nilai pH optimal enzim umumnya adalah 6-8 kecuali . . . a.        Pepsin optimal pada pH 2 b.        Tripsin optimal pada pH 13 c.         Sitokrom optimal pada pH 9 d.        Papain optimal pada pH 3 e.         Semua Jawaban salah Jawaban (a) karena pepsin merupakan pengecualian. Pepsin bekerja optimal pada pH asam (2) karena umumnya digunakan dalam proses pencernaan pada lambung yang penting untuk membunuh mikroorganisme berbahaya, khususnya pada manusia. 2.        Perhatikan grafik berikut! Berdasarkan grafik diatas